1) Artikel téh mangrupa salah sahiji tulisan nonfiksi. Naon ari nonfiksi téh? a) Dumasar caritaan batur b) Dumasar opini urang c) Dumasar data jeung fakta d) Dumasar éséy urang 2) Di handap aya sababaraha ciri tina artikel, iwal..... a) Ngabahas ngeunaan hiji poko masalah b) Eusina mundel, jéntré jeung maké basa nu baku c) Sipatna nétral, henteu ngabeuratkeun sabeulah pihak d) Eusina kungsi dipublikasikeun ku batur 3) Dumasar kana eusi jeung sipat paragraf. Papasingan (rupa-rupa) artikel nya éta déskripsi, narasi, éksposisi, arguméntasi jeung pérsuasi. Ayeuna naon nu dimaksud arguméntasi?  a) Ngajarkeun jeung nerangkeun hiji hal b) Ngabuktikeun atawa nepikeun alesan c) Ngadadarkeun atawa ngagambarkeun d) Nyaritakeun susunan jeung palaku 4) Artikel déskripsi nya éta artikel nu kumaha? a) Ngadadarkeun atawa ngagambarkeun b) Nyaritakeun susunan jeung palaku c) Ngabuktikeun atawa nepikeun alesan d) Ngajarkeun jeung nerangkeun hiji hal 5) Éksposisi mangrupa artikel nu kumaha? a) Nyaritakeun susunan jeung palaku b) Ngabuktikeun atawa nepikeun alesan c) Ngadadarkeun atawa ngagambarkeun d) Ngajarkeun jeung nerangkeun hiji hal 6) Aya sawatara léngkah nu bisa dipilampah dina nulis artikel, iwal..... a) Nangtukeun téma b) Ngumpulkeun bahan c) Nyieun rangkay karangan jeung ngamekarkeun rangkay d) Dipublikasikeun 7) Dina nyieun rangkay karangan, aya sababaraha bagéan nya éta head, lead, body jeung ending. Naon nu dimaksud head? a) Ngagambarkeun judul tulisan b) Ngagambarkeun paragraf kahiji atawa panyambung c) Ngagambarkeun eusi jeung bahasan d) Ngajelaskeun solusi atawa kacindekan 8) Dina proses ngamekarkeun rangkay, sangkan tulisan tina kotrétan ngabahas ide-ide nu lengkep kudu kumaha? a) Ngagunakeun rumus algoritma b) Ngagunakeun rumus sistem bilangan c) Ngagunakeun rumus 5W+1H d) Ngagunakeun rumus undak usuk basa 9) Naon mangpaat tina prosés éditing (ngaropéa) nalika nulis artikel? a) Pikeun ngabahas eusi tina artikel b) Pikeun ngaropéa éjahan, susunan kalimah nu teu merenah c) Pikeun nambahan kalimah-kalimah paribasa d) Pikeun nangtukeun kesan tulisanana 10) Naon nu dimaksud usum ngijih? a) Waktu mindeng turun hujan b) Waktu usum halodo c) Waktu usum gedé angin d) Waktu musim panyelang

Artikel

순위표

비주얼 스타일

옵션

템플릿 전환하기

자동 저장된 게임을 복구할까요?