1) Dina kahirupan sapopoe, urang mindeng ngadengekeun kawih. Kawih nyaeta.... a) Sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda b) Lalaguan nu make patokan pupuh c) Kacapi suling d) Musik atawa instrumen suling e) Lalaguan kaulinan barudak 2) Kawih "Mawar Bodas" kaasup kana... a) Kawih buhun/ tradisional b) Kawih jaman Jepang c) Kawih anyar/ modern d) Kawih keur gawe e) Kawih keur mepende 3) Unsur-unsur dina kawih nyaeta.... a) Tema, nada, rasa jeung amanat b) Tema, irama, lirik jeung basa c) Irama, nada, amanat jeung ketukan d) Tema, suasana, amanat jeung topografi e) Tema, galur, struktur jeung amanat 4) Nu lain conto kakawihan nyaeta... a) Mojang Priangan b) Balakbak c) Es Lilin d) Maskumambang e) Oray-orayan 5) “Ngajerit maratan langit , Ngoceak maratan jagat” miboga harti.... a) Denotatif b) Sabenerna c) Demonstratif d) Konotatif e) Kombinatif 6) Es Lilin mangrupa conto kawih jenis.... a) Anyar/modern b) Jaman Jepang c) Tradisional d) Kaayeunakeun e) Buhun/baheula 7) "Umat-imut lucu, sura-seuri nyari, larak-lirik keupat" dina sempalan lagu Mojang Priangan miboga unsur..... a) Amanat b) Purbalingga c) Galur d) Purwakanti e) Carita 8) Naon bedana kawih jeung kakawihan? a) Kakawihan teh pupuh b) Kakawihan mah dina acara resmi c) Kakawihan teh keur kaulinan barudak d) Kakawihan teh lagu pop Sunda e) Kabeh bener

Výsledková tabule/Žebříček

Vizuální styl

Možnosti

Přepnout šablonu

Obnovit automatické uložení: ?