Ayakan mah tara meunang kancra - Usaha ku modal leutik, moal meunang hasil kauntungan nu gedé, Ari diarah supana, kudu dijaga cantangna - Mun hayang untung, kudu dijaga éta sumber kauntunganna, Buburuh nyatu diupah béas - Meunang dua kauntungan dina hiji pagawéan, Moro julang ngaleupaskeun peusing - Ngaleupaskeun nu geus dipimilik, demi hal nu can pasti, Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian - Paagul-agul, teu akur, Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok - Sahésé-héséna, pasti meunang hasilna., Cul dogdog tinggal igel - Ninggalkeun hal nu penting, demi hal nu teu penting, Mapatahan ngojay ka meri - Ngajarkeun kanu geus ahli, Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung - Leuwih alus digawé, ngésang keur minuhan kabutuh, Ngeupeul ngahuapan manéh - Nyieun hiji aturan keur ngaaluskeun hiji perkara demi kauntungan pribadi,

Bảng xếp hạng

Phong cách trực quan

Tùy chọn

Chuyển đổi mẫu

Bạn có muốn khôi phục tự động lưu: không?